Tuesday, November 15, 2016

SINGKRONISASI SUNDA JEUNG ISLAM

Assalamualaikum !!!
Sampurasun dulur !!!

Sim kuring rek kawanikeun maneh we, nya ieumah maksad teh
sanes bade ngadebat-kusir, mung estu taya lian sakadar  milarian "kesesuaian","sinkronisasi", siger tengah  sunda sareng islam.
Pamadegan sim kuring mah, dimimitian heula tina harti atanapi naon
atuh agama teh ? ceuk pamendak sim kuring kieu, aya opat unsur anu aya dina agama,

1.      Nukahiji nyatana aturan/hukum/adab lahir atanapi syariat.
2.      Nukaduana nyatana pangartos atanapi pangarti tina tiap-tiap aturan/bagbagan hukum anu aya dina aturan, nyatana hakekatna tea.
3.      Katilu nyatana tekad atanapi niat anu kukuh pengkuh pikeun tetep pageuh naon anu parantos ditetepkeun dina aturan jeung  pangartina.
4.      Kaopatna nya eta kabeh eta nu tilu teh taya lian pikeun urang bisa balik deui (nu bener) kanu Maha Kawasa nyatana Gusti Alloh/makhrifat.
Ieu unsur teh ngahiji, dibedakeun teh mung ukur keur ngabahas sabatas "konsep", ari nyatanamah teu tiasa dipisah-pisah.
Sing saha-saha jelema hoyong terang ka Gustina kudu apal kadirina, ulah sok ngaji kaluar tina diri tapi kudu ngajinis.

Pan diri urang/kuring teh "ghoib" anu kakurung ku karung (jasad/jasmani).


About the Author

BERITA HARIAN SURADE

Author & Editor

Blogger Newbe mencoba berbagi dan ingin bermanfaat terhadap sesama.

1 comments:

  1. Leres pisan guaranna.. Guaran ieu luyu sareng naon anu di cutat dina uga.. Antara Budak Angon (Ki Sunda) sinareng Budak Janggotan (Tokoh Agama dina ka Islam an) kedah tiasa singkron ngahiji janten hiji beungkeutan.. Da saeunyana urang téh dulur🙏 tabé pun

    ReplyDelete

 
BERITA HARIAN SURADE © 2015 - Designed by Templateism.com | Distributed By Blogger Templates