Monday, November 14, 2016

BUBUKA

Pun……sapun !
Palias ngiruhan girang
Di leuwi ki papantunan
Gelik suling jeung sonari
Galindengna angin laut
Awuhan gending kahéman

Keclak ibun nu maruntang
Dina tungtung dangdaunan
Pependeman
Tutungkusan
Iraha jeung rék ku saha
Galurana lambak sagara carita
Teuleumaneun kojayaneun
Nu neundeun reujeung sampeureun
Nu nunda reujeung téangeun
Banda ki Sunda
Garapeun saha ?
Mun teu ti kiwari arék iraha ?
Mun teu ku urang rék ku saha ?
Sampura…..isun
Paralun ka nu boga lalakon
Bisi nyaur teu ka ukur
Bisi nyabla teu ka ungang
Da sakieu pangabisa
Lain puraga tamba kadenda
Palias ngiruhan girang
Sok komo narajang alas
Paralun….!
Jero galur paluruhan
Bisi teu keuna kuma kuduna
Paralun….!
Mun téa mah medar carita
Udar tina tali gadang
Mun téa mah nurat
Nyolédat teu napak kana gembatna
Amit ampun, paralun !

Puuuun………sapun !

About the Author

BERITA HARIAN SURADE

Author & Editor

Blogger Newbe mencoba berbagi dan ingin bermanfaat terhadap sesama.

Comments
0 Comments

Post a Comment

 
BERITA HARIAN SURADE © 2015 - Designed by Templateism.com | Distributed By Blogger Templates