Wednesday, November 23, 2016

HARÉNGHÉNG KU DÉDÉNGÉAN PAJEUJEUT KU DEUDEULEUAN

Kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna harénghéng kabina-bina! Boh dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh raremuy dina jaman kampanye.

Kaayaan pamaréntahan téh asa leuwih harénghéng tinmbang jaman-jaman pamaréntahan baheula, koupsi sing talembrak, suap pating burelih, jeung kejahatan-kajahatan séjénna leueih mahabu, naon atuh anu salah? Hukum anu kurang heuras atawa loba anu weduk ku hukum, iyeu kudu jadi bahan pemikiran urang saréréa.

Jabatan téh jiga dilalaworakeun pisan, jadi ladang pausahaan pan anu sabenernamah etateh amanah, anu bakal di penta tanggung jawab di dunya atawa engké di akherat, tapi naha masang kuloba-loba teuing rereged iyeu nagara téh. Meureun dulur urang the ningang kana kecap nabi “ mun hiji pasualan di cekel lain kuahlina mangkat ungu karusakannana” nya urang the rusak dina danget ayeuna the, nagara the rusak dina jaman kiwari the, etage teu kabeh ngan loba keneh nu ngarusakna tinimang anu ngabangunna, sakalina aya nu jujur di poro di piomong, sakalina aya nu hade hate hayang nanjeurkeun nagara malah di tewak di kudeta, arek jadi naon iyeu nagara ke dina mangsa kahareup.

Oge dina kebudayaan, barudak ayeuna leuwih resep miwanoh budaya deungeun tapi budaya sorangan di tingalkeun, cul dogdog tinggal igel, Padahal martabat hiji bangsa bisa diukur tina budayana mun budayana geus aut-autan ruksak bangsana. Sedengkeun budaya anu ;pang kolotan di tiap daerah nyaeta bahasa, tah urang teh geus kaleungitan budaya urang iye teh. Dumasar kana hal eta yu urang kembali, yu urang reformasi. ulah ngamumule budaya deungeun bae atuh, hayu urang geura mumule iye budaya urang, Indonesia terkenal lain tina militer, lain tina teknologi, tapi tina buadaya.

Pun sapun ka Maha Agung
Ka Gusti Nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip

Sajatining kasucian

About the Author

BERITA HARIAN SURADE

Author & Editor

Blogger Newbe mencoba berbagi dan ingin bermanfaat terhadap sesama.

Comments
0 Comments

Post a Comment

 
BERITA HARIAN SURADE © 2015 - Designed by Templateism.com | Distributed By Blogger Templates