Monday, November 14, 2016

PANGWANOH

Assalamualaikum !
Sampurasun Dulur !


Bismillah mangrupa pangbuka catur, nyuhunkeun ridha ka gusti hyang widi sing di singlar tina kalelepatan kaluluputan bahasa duduga peryoga anu ngajadikeun matak kana kasentugna mamanahan pamirsa sadayana, isin izin amit nu miskin ku elmu anu rumasa teu aya pangaboga kupangabisa ngawanikeun maneh muka iyeu lembaran anu sederhana pinuh ku kasalahan tapi insyaallah jembar ku niat hade jeung gede rasa hayang ngamajukeun tanah kalahiran sunda , surade ngaranna.

simkuring teu weudeu-weudeu nyuprih atikan jeung pangajaran ti sadayana khususna ti sepuh-sepuh anu tos seueur pangalaman jembar wawasanna kangge kamajengan diri sim abdi dina nulis atanapi dina ngawanohkeun intina daerah surade, anu memang teacan seueur tulisan sapertos kiyeu dina alam maya ( internet ).

ngawanohkeun nami sim abdi nami anu di waris ku ibu rama insyaallah nami anu pinuh ku doa nyatana Dandi Fazri Lembur matuh banjar karang pamidangan di Kp. Cimaja Desa Pasiripis Kec. Surade Kab. Sukabumi, ngawitan wanoh kana internet sa prak sakola di SMK Bina Bangsa Surade. hobi curat coret ti saprak bisa ngutekkeun patlot jaman alit nugi ka ayeuna, sim abdi hoyong pisan naon anu di utekkeun teh anu di coretkeun teh hyong aya manfaatna sareng faedahna kangge sadayana umumna khususna oge kangge abde salaku penulis.

sakilas ngawanohkeun surade, Surade nyaeta hiji daerah sisi kidul pulo jawa anu masih ka wengku ka wewengkon Kabupaten Sukabumi, wewengkon anu hejo ngaplak pasawahan, lembur-lembur anu pating alampar wahangan pating arelok pamay pasir anu bras na ka laut kidul.

alam surade masih kasebat alam anu masih asri , leuweung anu masih keneh sanget, wahangan anu acan kajamah, laut anu tacan aya nu nyusur. mung eta oge aya sababaraha wilayah beh tengah anu beres kajamah ku kamoderennan anu beres maju dina usaha sareng kahirupan tapi seuseueurnamah masih keneh kampung bau lisung angang ka dulang.

wirehna sim abdi moal tiasa panjang lebar dina bubuka, insyaallah upami aya izin ti gusti  di lajeungkeun bahasan inti iye blog dina materi anu salajengna !!

wassalamualaikum WR. WB
permios !!

About the Author

BERITA HARIAN SURADE

Author & Editor

Blogger Newbe mencoba berbagi dan ingin bermanfaat terhadap sesama.

Comments
0 Comments

Post a Comment

 
BERITA HARIAN SURADE © 2015 - Designed by Templateism.com | Distributed By Blogger Templates