Showing posts with label Kasundaan. Show all posts
Showing posts with label Kasundaan. Show all posts

Monday, January 2, 2017



Tapi anu mana anu bener-bener peduli jeung cinta kana kabudayaan teh? da teu saeutik atuh ku jaman ayeuna loba jelema-jelema anu ngaku teu sidikna nepak dada " yeuh aing macan pasundan teh, aing anu cinta ka sunda teh, aing meong pajajaran teh" bari ditanya sejarah undak usuk na bangsa sunda teu apal, ditanya palsapah sunda teu apal, boro raah cara batur sarakola ka pakultas anu di purbakalana, filologina, arkeologina, senu musik sundana jueng sajabana sajabana. ieu mah kanyataan nana loba pisan boh pribadina boh perkumpulana ngaku namah peduli cenah kana sunda teh tapi kalakuan jauh tina makna sunda nu sabenerna, kalah loba di parake teu eucreug marentaan dana ti pamarentah ajang pangwangunan cenah, atribut pa gaya-gaya, iket na hulu mah ngan saukur siloka, lain jadi kaagulan . meres ka masyarakat alesannamah uang keamanan cenah, loba pisan kateueucreugan sejenna, cih atuh ki sunda teh geura harudang wangun kaperibadian sunda anu nyata anu saluyu jeung palsapah sunda nu diajarkeun kolot baheula anu salaras jeung sareat agama.

Tuh tingali kolot-kolot urang anu masih mertahankeun kabudayaan, heg rarojong, lain di api lainkeun, etateh budaya  urang, nilai budi luhur bangsa urang, geura baralik geura eling sing apal ka purwadaksina.

Lamun apal ka sejarahna tangtu bakal ngahargaan ka karuhunna, karuhun teh naon? da salahkaprah atuh jaman ayeunamah, karuhun der di suguh cikopi tumpeng mucung rujak kalapa, teu beukieun karuhun mah nu kararitu, jurig nu hayangeun kahakanan dohirmah anu rek mengkolkeun akidah urang, da karuhun urang mah hayangeun na di kiriman di hadiahah patihah, solawat bacaan quran jeung sajabana lain kahakanan dohir, teu ngarumas kumaha coba lamun urang maca sejarahna bangsa sunda baheula, kumaha karuhun urang ngarintis kahirupan anu bernafaskan islam nu saluyu jeung sareat islam merjoangkeun kamerdekaan ti pangjajahan tapi eta ku barudak ayeunamah kalah di kakapir, di mumusrik, nya ngadangu kamari kasus sunda wiwitan, cik baca sejarahna cik talungtik nepi ka akarna, da anu ayeunamah oknum-oknum na atuh jauh ti sunda wiwitan sajatina.

Parandene kitu nya iyeu kahirupan meureunan anu kudu aya parobahan, kudu aya peningkatan di sagala widang, tapi ulah cul dogdog tingal igel, kacang lupa akan kulitnya, urang teh sakuduna kudu bisa ngigelan zaman bisa ngajawab sagala parobahan anu ngadatangkeun kamanfaatan keur balarea.


Beun nepi kadieu, iyeu mah ngan saukur curhatan anak sunda anu ngarasa miris ku kayaan bangsana jaman ayeuna , aya pulunganeun nana etamah taopek ti gusti sareng seueur kalepatanna pasti etamah kabodoan sim abdi, sakitu nu kapihatur, wassalamualaikuam WR.WB

Teuaya deui nu apal ka budayana iwal ti bangsana sorangan, naon kasebutna bangsa nu teu apal kana kabudayaan bangsana sorangan.

Monday, December 26, 2016

Bpk. Saripin dan Ibu













Ulin  “ Amengan “ Genang Penca
Satu lagi Pencak silat dari Surade

 Sampurasun Dulur !!
 Assalamualaikum !! 


Seperti titik bara di tengah lautan begitulah mungkin kiasan yang menggambarkan Bpk. Pani pimpinan paguron pencak silat Banteng Wulung yang berada di Kp. Babakan Walahar Desa Pasiripis Kecamatan Surade Kabupaten Sukabumi dalam mempertahankan warisan budaya leluhur pencak silat yang semakin kesini semakin sedikit peminatnya.
Surade  adalah sebuah kecamatan di Kabupaten Sukabumi yang sebelah selatannya berbatasan langsung dengan samudra hindia dan diapit oleh tiga kecamatan lainnya yaitu kecamatan Ciracap sebelah barat, kecamatan Cibitung sebelah timur dan kecamatan jampangkulon sebelah selatan, Kecamatan Surade bisa ditempuh dengan jarak sekitar 99 km dari Kota Sukabumi. Melintasi jalan berkelok di perbukitan menjadikan suasana perjalanan seperti halnya perjalanan wisata, dengan pemandangan bukit teh, pinus dan perkebunan lainnya di sepanjang jalan. Jarak lurus dari Kota Sukabumi ke Kecamatan Surade diperkirakan sekitar 30 km, menjadi tiga kali lipat jaraknya dengan keadaan jalan yang berkelok. Sebagian besar wilayah Kecamatan Surade adalah areal pertanian, persawahan dan perkebunan. Mayoritas penduduk bekerja sebagai petani, sebagian lainnya banyak yang bekerja di kota besar seperti Jakarta, Bandung, Sukabumi, Dan lain lain.

Beliau adalah Bpk. Pandi selaku pupuhu Paguron Banteng Wulung, Bpk. Saripin selaku pengajar utama sekaligus tukang kendang 1 (Inung), Bpk Dadang/Botol Tukang Kendang 2 (Inung), Bpk Rahmat tukang Goong dan Bpk. Mastur Tukang Tarompet yang masih melestarikan Pencak silat jenis amengan di Kp. Babakan Walahar Desa Pasiripis kec. Surade, meski sempat vakum cukup lama tetapi karena kecintaan beliau-beliau ini terhadap seni mendorong untuk terus maju dan tetap mengajarkan seni silat ini kepada anak-anak Kp. Babakan Walahar, sempat mengajarkan seni silat ini di beberapa kampung sebelumnya tetapi tidak bertahan lama karena kurang nya dukungan dari para orang tua anak dan sesepuh lembur, seakan hal semacam ini adalah hal yang tabu dan tertutup, tetapi untuk di Kp. Babakan Walahar sekarang ini masyarakat dan sesepuh begitu antusias menitipkan anak-anak nya untuk di didik seni silat Paguron Banteng Wulung, tidak hanya dari kampung Babakan Walahar saja malah dari tetangga kampung pun banyak orang tua yang merasa tertarik untuk menitipkan anaknya di pengajian Bpk. Kiyai Dadan serta dilatih silat oleh Paguron Banteng Wulung.
Mang Dadang Botol

Kang Agus ( belakang ) & Kang. Dedi ( Depan )


Ulin Amengan ini adalah ilmu yang turun temurun, orang tua Bpk. Saripin pun adalah seorang pesilat, orang tua dari Bpk Saripin ( Aki Rosum. Alm ) orangtua nya pun mendapatkan ilmu ini dari orangtuanya lagi dan terus sampai atas ke puncernya dan menurut kisah ulin amengan ini juga masih turunan dari silat cimande dan memang kalau di lihat dari gerakannya seperti kemangannya silat cimande, di Desa pasiripis ini hanya ada dua paguron silat, keduanya mempunyai kesamaan dalam jenis dan gerakan tetapi ada sedikit perbedaan dalam tetekonnya atau dalam jalurnya, entah ini mungkin dari sumber yang sama tapi pengembang berbeda atau ada kemungkinan lain. Silat ini lebih menitik beratkan pada keindahan gerak perpaduan ketukan musik genang penca dan lengkingan terompet “ Da urang mah seniman, tong hayang ngajakan gelut tapi mun gelut kudu meunang “ kata Bpk. Saripin, kalau di dalami lagi amengan ini sangat syarat akan filsafat dan pangajaran dimana kita disuruh dzikir “eling” dalam setiap gerakannya, dimana kita diajarkan syukur dan “muji” serta bagaimana caranya menghargai para karuhun ( leluhur ). Karena sejatinya silat itu adalah kependekan dari silaturahmi ( Manjangkeun babarayaan ).
Kang. Pani

Ada hal unik dan mungkin ini sudah menjadi hal biasa di Kp. Babakan Walahar ketika terdengar suara goong ditabuh anak-anak maupun orangtua langsung mendekat berkumpul ke arah suara goong tersebut, mungkin karena sudah terbiasa ketika ada jadwalnya latihan ( Malam Minggu dan Rabu ) anak-anak tidak usah diberikan arahan dan panggilan lagi tinggal tabuh saja goong nya dan merekapun pasti berkumpul, satu lagi menurut Bpk Saripin goong yang di pakainya itu adalah goong “bangbara ngapung”, ada dua jenis goong dalam instrumen pencak silat, goong bangbara ngapung dan goong ombak banyu, sekilas dari bentuk kedua goong tersebut terlihat sama tetapi perbedaan yang signifikan adalah ketika goong itu di tabuh, goong bangbara ngapung mempunyai suara lepas, lembut dan cenderung stabil seperti suara kumbang terbang (bangbara ngapung) terdengar jelas sampai jauh, sedangkan goong ombak banyu mempunyai karakter suara kuat, padat tetapi bergelombang makanya goong ini disebut ombak banyu karna terdengar berayun-ayun.



Malam Minggu Ba’da isya Team Berita Harian surade bersama Kang Agus ( Pemerhati Budaya Surade ) mengunjungi kediaman Bpk. Saripin, sudah menjadi biasa tabuhan goong dan tepak-kan kendang penca menjadi pertanda mulai latihan, anak laki-laki maupun perempuan anak anak sampai dewasa sudah berjejer rapih di depan rumah Bpk Saripin tidak peduli hujan dan becek mereka bersemangat berlatih, gerakan-gerakan yang begitu lincah seirama, dari mulai gerakan Tepak Dua Paleredan, Tepak Tilu Golempang di akhiri padungdung dan di isi oleh tepak-kan kendang dan goong tiupan terompet pun menambah ke khas-san ibingan tersebut. Terkadang jika ada undangan dari acara hajatan atau acara lainnya Bpk. Saripin suka membawa anak asuhannya manggung “ Haja nambah-nambah sumanget “ katanya.
Jika di dalami lebih jauh tentang budaya seni silat di daerah Surade sebenarnya masih cukup banyak dan beragam, hanya saja sebagian kalangan menganggap silat (isi) masih menjadi hal sakral dan tidak bisa sembarangan orang menguasai dan mempelajrinya, karena kekhawatiran tidak semua orang mampu membawa dan menguasai dirinya. “ anu bisa ngaji diri na “ kata Bpk. Saripin.


Ulin " Amengan " Genang Pencak Surade

Wednesday, November 30, 2016

Sunda Galuh Sanjaya 723-732
Panakawan Suradean


Najan enya oge urang sunda cawokah tapi urang sunda ge kudu cerdas, urang sunda teh kudu cerdas dina naon na atuh ? nyaeta cerdas dina ucapna dina tekadna jeung dina lampahna. cih atuh acan tekad acan lampah lisan-lisan na we atuh, tong ka bobodo tenjo ka samaran tingal dingali nu sirahna di bulen ku lawon bodas di sebut kiyai ningali nu rudin hina dina di sebut tukang baramen, naon etah hartina? nyaeta yen urang teh masih ningali jelema masih tina bungkusna tina " cover" na ceuk bahasa deungeun mah.

urang teh kudu sadar, aya tilu hal anu kudu disadari ku urang, sadar beragama sadar bernegara sadar bermasyarakat, cih coba ari rek paheuyeuk-heuyeuk leungun nyanghareupan pasoalan rek jeung saha ari urang teu sadar bermasyarakat mah, hayo wae pating labring di jalan ngararusak, sok aya kateungeunah mah salurkeun dina tempatna tah urang kudu sadar bernegara didinya. enya oge nagara nganut ajas demokrasi tapi demokrasi anu kumaha lain demo sabari mawa tarasi , hayo mawa geueuleuh ke keumeuh di jalan.tarasi mah di garang dina hawu haja haneut tuluy hijikeun keung samara dina coet ludek ku mutu samel tarasi ngarana, najan nagara loba masalah lain kudu di awur-awur di jalan sok hijkeun ngariung sawala jeung pakarna jeung ahlina, ngeunah meureun nya jiga samel tarasi.

dulur urang sunda teh kudu cerdas, cerdas mental na , lain jiwana heula tapi mentalna heula, ulah sina beunang ku paneluh bangsa deungeun , lamun urang teu kuat mental jiwana maka paeh akal na paeh kahayang jeung sumangetna, " tempo na batok kohok " ceuk kolot baheula mah hartina nyatana pamikiran urang kudu sing jero toong titenan sagala rupa masalah saacan bertingkah. jelema na heula lain bedil na, lamun jelema na teu kuat eta bedil pake nga garong  " its not the song but the singer behind the sing " lain ngan saukur nyanyi na nu alus tapi penyanyi na oge nu kudu alus, sarua cara ngolah nagara lain ngan saukur sistem na nu hade elit politik na oge kudu sehat, kanyataan na ning kurang kumaha alus sistem nagara urang tapi kunaon kiyeu kiyeu wae atuh, tuh nya kanyahoan naon na tah nu salah.

urang sunda teh kudu cerdas, cerdas akal cerdas emosi cerdas hatena, mun urang geus kacumponan tilu hal eta ingsaallah kasajahteraan kaamanan katentreman hirup teu kudu di udag-udag.

cag sakiyeu heula mudah-mudahan aya mangpaat na utamana kanu nulisna , amin 

Urang Sunda Kudu Cerdas

Tuesday, November 22, 2016

Assalamualaikaum.
Sampurasun Dulur !!


JUDUL di luhur mangarupa hiji babasan. Ari lengkepna mah kieu; “Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam”.
Ngawur nyaéta malédog ku barang anu loba tapi wandana laleutik. Saperti keusik, tipung atawa taneuh ngebul. Ngawur di dieu mah, lain harti nu sabenerna, tapi kecap injeum¬an, tina harti méré parab. Maraban ha¬yam ku jagong atawa ku bangsal, biasana diawurkeun, kawas nyawér pangantén ku ngawur-ngawur béas pacampur konéng jeung duit récéh. Sawéran pangantén téh jero-jerona mah siloka, nyaéta papatah ti kolot ka pangantén anyar, sangkan dimana boga rizki kudu bisa ngawur nu séjén. Utamana mah fakir miskin. Tapi ieu papatah téh saukur dijarieun kabiasaan atawa budaya wungkul. Budaya karuhun nu kudu dimumulé, cenah. Digugulungna saukur samet cangkangna. Ari kana eusina mah nyaéta kudu jadi jalma béréhan téa, teu ieuh diperhatikeun. Éstu haré-haré baé.

Kasintu, osok disebut ogé cangéhgar, nyaéta hayam leuweung. Wandana rada leutik. Babandingan jeung hayam katé. Awakna gépéng, buntutna lempay. Warna buluna konéng gading, saperti bulu meri. Kasintu, kacida linghas atawa girasna. Ma’lum teu kacoo ku manusa. Ari lain dibedil atawa dijaring mah moal ieuh bisa ditéwak, lumpatna tarik, tur bisa hiber. Geus puguh ari nu geus gedé mah hésé ditéwakna, tapi nu keur kumupu ogé sarua linghasna. Lumpatna nereleng kawas puyuh. Sulumpat-salimpet, jeung sulaman-sulumun kana rungkun, mani rikat pisan.

Lain kawas deui, kiwari mah geus pasti wawuhna kana kasintu téh saukur tina gambar atawa ngaranana wungkul. Lantaran tempat panonobanana di leuweung. Ari kiwari mah teu aya pitempateun anu bisa disebut leuweung. Sabab ari kangaranan leuweung mah kacida pisan remetna. Aareuyanana pajurawet, kitu deui tatangkalanana rékép, hésé pikeun ditorobosna. Istilah al-Quranna mah disebut Khorojan téa panginten. Kiwari mah teu aya anu kitu. Leuweung téh cararaang, tatangkalanana paaranggang balas digalaksak ku manusa. Nya cangéhgar ogé moal betaheun di tempat nu lénglang kitu mah.

Ari kana hayam mah moal aya nu bireuk. Tapi sanggeus nerekabna panyakit flu burung, cenah loba hayam anu katarajang salésma. Nasibna, kacida pinalangsaeunana. Hayam dibasmi, dipareuncitan, terus dihuru, kawas ngaduruk runtah. Bet asa humayua, teungteuingeun ari manusa. Bari tacan karuhan éta hayam téh nu népakeun¬ana panyakit, saperti nu salila ieu dituduhkeun.

Cenah mah éta panyakit téh asalna ti luar nagri. Boa-boa ieu téh hiji taktik licik urang deungeun, utamana mah urang Amérika, sangkan dagangan hayam maranéhna bisa lancar, teu boga musuh. Kawasna upama henteu buru-buru distop mah, hayam asli di urang bakal tumpur. Jeung deui, dina cara ngabasmina bet jauh tina bagbagan agama. Sabab dina agama Islam mah teu meunang ngamubadirkeun rezeki. Apan hayam anu dipeuncit téh lain didahar. Demi anu resep ngamubadirkeun kana rezeki mah apan sobatna sétan, lin?

Tah pihartieun babasan di luhur ogé teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diugung-ugung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkéakan. Pék wé titénan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung réa-réa deui. Tempat panganjrekan rayat robah, jadi wangunan pabrik, kantor, gedong sigrong milik asing patingjalegir. Nu nganjrek di dinya sina nyingkir ka tepis wiring. Pasar rayat nu geus mangtaun-taun diparaké néangan rezeki pangupa jiwa kulawargana, disorobot ku pasar swalayan. Cenah mah diayakeun pasar swalayan, mal-malan, super markét  pikeun mantuan padagang leutik. Tapi ari kabuktianana mah padagang anu teu boga modal mah wayahna wé kudu jicir, keun wangunan anu agréng mah kanggo jungjunan anu baroga duit. Entong nyalahkeun pamaréntah ari teu kabagéan téh, cenah. Naha maké jadi jalma miskin atuh! Antukna padagang émprakan atawa anu katelah padagang kaki lima (PKL) téa, lain ngurangan anggur kalah nambahan. Ci nyusu sisi gunung, anu biasa dipaké nyaian pasawahan jeung balong, ogé inumeun jeung ngaberesihan pakéan, kiwari geus dikawasa ku si toké. Dikocorkeun ka pabrik, diolah tur dijarieun cai mineral. Urang mah saukur lalajo, bari ngégél curuk. Upama hayang nginum mah meuli wé ka maranéhna.


Anyar-anyar ieu, pamaréntah geus ngaluarkeun Undang-Undang Penanaman Modal Asing. Di dinya aya aturan yén urang asing dibéré kasempatan pikeun ngawasa lahan garapan, boh pikeun tatanén atawa nyokot barang tambangna salila 65 taun. Sarta dibéré ombér deui salila 30 (tilu puluh) taun. Jumblah-jambléh maranéhna bisa kumawasa kana éta lahan salila 100 taun, kurang lima taun. Asa teu kuhanteu. Sarua wé jeung dijajah atuh. Iraha anak incu urang bisa ngagarapna éta lahan? Deudeuh teuing anaking, hidep saukur kabagéan cucuk jeung rorongkongna wungkul. Da dagingna mah ku bapa geus ledis, dipaké ngabayuan deungeun.

NGAWUR KA SINTU NYIEUHKEUN HAYAM

Monday, November 21, 2016

TEKNOLOGI

Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.

Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.

TEKNOLOGI DINA BASA SUNDA

Sunday, November 20, 2016

Assalamualaikum.
Sampurasun Dulur !

Sistem pendidikan di indonesia nganut tumut kana dua sistem baku anu di pupuhuan ku pamarentah jeung ku para kiyai pasantren. kaayaan iyeu beres lumangsung lila ti sa prak jaman penjajahan nepi ka ayeuna. dina mangsa harita anu ngaranna pasantren teh nyatana murni ngajarkeun elmu-elmu agama jeung oge sabalikna sakola umum ngan khusus ngajarkeun elmu-elmu umum.

dina mangsa modern model ayeuna pasantren disanghareupkeun kana parobahan-parobahan sistem sosial jeung teknologi anu maju, tuntutan masyarakat kana ayana parubahan dina sagala bidang ngajadikeun pasualan anyar keur pasantren dina konsistensina di widang pendidikan. alhasil pasantren di jaman ayeuna kabagi kana dua jenis nyaeta pasantren modern (ashriyah) jeung pasantren salaf (Salaf).

keur pasantren salafi system diajarna beres kamafhum kusadayana nyaeta make pola-pola klasikal adopsian ti ajaran-ajaran asia barat atawa lewih dikenal di nagara-nagara arab jsb. pasantren model kiyeu memang rada tertutup kana perkembangan teknologi mungkin penyebabna teknologi dirasa leuwih loba madhorotna tinimang manfaatna jang santri anu keur suhud-suhud na diajar. sistem kaorganisasian pasantren salafi masih ngagunekaun sistem anu berpusat ka kyai nu jadi sumber sagala kaputusan kabijakan dina jero pasantren.

pasantren mangrupakeun salah sahiji lembaga pendidikan islam tertua anu aya di indoensia, ti jaman kebangkitan nasional tepi kaayeuna sumbangsih na karasa pisan, ti mulai zaman perjuangan ngbela kamerdekaan nepi ka nyiptakeun kader-kader keur ngisi kamerdekaan na pasantren masih konsisten sina fungsina.

dijaman ayeuna loba oge pasantren anu ngahaja atawa memang kapaksa ngadopsi sistem pendidikan umum, ngajarkeun elmu-elmu umum jeung sistem keorganisasian na beres lengkap jeung komplek, bisa jadi iyeu mangrupa salahsahiji terobosan oge dina ngimbangan kamajuan jaman dina mangsa ayeuna, pasantren jadi nganut kana dua system pengajaran anu di padu padankeun ngajadikeun pasantren eta di sebut pasantren modern.

kauntungan jeung karugian dina dua system anu di terapkeun ku pasantren memang aya wae, ngan anu paling penting mah nyaeta pasantren tong kaleungitan jati dirina, tong nepi ka kaleungitan pungsi anu sabenerna.

Wallahu A'lam Bishawab

PERGESERAN SYSTEM PENDIDIKAN PASANTREN

Saturday, November 19, 2016

Assalamulaikum !!

Sampurasun Dulur !!


Ngahaja judulna rada-rada nyungkelit, sina jadi panyepret keur urang umumna keur masyarakat indonesia khususna mah keur urang salaku urang sunda, anu akhir-akhir iyeu memang katingalina kurang sumanget, kurang kagiang dina nyiptakeun ngendogkeun karya-karya nyata anu bermanfaat.

malah aya kajadian sawatara katukang anu menurut sim kuring rada nyentug kana mamanahan sabab aya ketua ormas anu kawilang ormas gede di indonesia nyebutkan " sampurasun " di guyonkeun jadi "campur racun".


mun emang ngarasa cinta ka kabudayaan sunda pasti aya wae saeutik lobana urang rasa ambek atawa lianna, pihak terkait anu dimaksud beres mere klarifikasi yen cenah naha sampurasun di guyonkeun jadi campur racun alesanna cenah yen sapaan umat islam "assalamualaikum" teu bisa diganti kunu lianna.( Detik ) tapi menurut heat sim kuring apa eta tindakan di benerkeun ku ajaran islam ? apa teu nyonto ka rosululloh jaman baheula waktu nyebarkeun islam ka daerah-daerah anu memang boga kabudayaan na masing-masing tapi rosululloh teu pernah ngusik kana kabudayaan hiji daerah selama eta teu ngalanggar syariat islam, ayeuna lamun nyebutkeun eta ngalanggar kana aturan islam sok sing adil tong aya selamat pagi tong aya selamat siang tong aya spada tong aya kata sapaan panghormatan anu lianna.

sampurasun teh etateh awal kata namah tina " hampura" kata "ingsun" teh artina " kuring " jadi mun di kecapkeun teh " sampurasun " dijawab " rampes " / sumangga, naon coba anu ngalanggarna kana aturan islam, puguh da indonesia teh baheulana leuweung geledegan, kapercayaan masyarakatna rupa-rupa, aya hindu aya budha aya nu masih keneh nganut animisme dinamisme jsb. 

tapi da kenae urang mah kudu jembar panghampura, tong lah tong dijadikeun nyeri hate, tong dijadikeun bahan pacengkadan komo jauhna dijadikeun kasus, aing bebas sing ikhlas dimana aya nu ngahina urang, pan kitu lain ajaran rosululloh ge.

Dulur, 


CAMPUR RACUN

Wednesday, November 16, 2016

Assalamualaikuam !!
Sampurasun Dulur !!

Wilujeng wayah kiyeu kasaderek sadayana, kumaha atuh daramang dina danget iye? nuhun alhamdulillh atuh upami dina kaayaan damang mah, eta pisan nu kusimkuring di pikaharepkeun siang kalayan wengi. 

Dulur,.. dina jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia atawa ngomong ku basa inggreis. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda, basa inggris salah ngecapkeun nana. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Sunda bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge.
Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musnah. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap. Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.
Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang  tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya…basa Sunda!.
Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan…tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.
Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.

Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?

ERA NGOMONG KU BASA SUNDA ? TANYA DEUI DIRI URANG! URANG SUNDA ATAWA LAIN !!

Tuesday, November 15, 2016

Assalamualaikum !!!
Sampurasun dulur !!!

Sim kuring rek kawanikeun maneh we, nya ieumah maksad teh
sanes bade ngadebat-kusir, mung estu taya lian sakadar  milarian "kesesuaian","sinkronisasi", siger tengah  sunda sareng islam.
Pamadegan sim kuring mah, dimimitian heula tina harti atanapi naon
atuh agama teh ? ceuk pamendak sim kuring kieu, aya opat unsur anu aya dina agama,

1.      Nukahiji nyatana aturan/hukum/adab lahir atanapi syariat.
2.      Nukaduana nyatana pangartos atanapi pangarti tina tiap-tiap aturan/bagbagan hukum anu aya dina aturan, nyatana hakekatna tea.
3.      Katilu nyatana tekad atanapi niat anu kukuh pengkuh pikeun tetep pageuh naon anu parantos ditetepkeun dina aturan jeung  pangartina.
4.      Kaopatna nya eta kabeh eta nu tilu teh taya lian pikeun urang bisa balik deui (nu bener) kanu Maha Kawasa nyatana Gusti Alloh/makhrifat.
Ieu unsur teh ngahiji, dibedakeun teh mung ukur keur ngabahas sabatas "konsep", ari nyatanamah teu tiasa dipisah-pisah.
Sing saha-saha jelema hoyong terang ka Gustina kudu apal kadirina, ulah sok ngaji kaluar tina diri tapi kudu ngajinis.

Pan diri urang/kuring teh "ghoib" anu kakurung ku karung (jasad/jasmani).


SINGKRONISASI SUNDA JEUNG ISLAM

Assalamualaikum !!
Sampurasun Dulur !!

Nyukcuk walungan mapay hawangan, kaditunamah malapah gedang, ieu mah rek mohokeun kabodoan kuring sorangan tapi amit ampun nya paralun lain rek adean ku kuda beureum lain mamatahan nitah teuleum kuya di leuwi. Tapi ngan saukur ngalatih nu aya dina diri. HIrup jeung hurip urang dialam dunya, ngansaukur darma nu di kawasakeun atawa dipercaya, kumelendang dialam marcapada. salaku manusa urang di wajibkeun ta syakur, ta fakur jeung tong kufur, usahan sarta ikstiar pikeunn yang hareupan hirup jeung kahirupan sapopoe.

Ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri” hiji kalimat nu ngabogaan arti nu jero sok sanajan remen kabandungan manusa ngalamun salaput umur, kahayang patemba-temba. anging kadar pangeran nu bakal tumiba jeung karandapan. urang kumelendang di alam marcapada ieu dingaranan manusa, bari urang salaku manusana pituin oge teu apal saha ari manusa? ulah waka urang nguda ka Pangeranan nu nyiptakeun urang, tapi urang selidik nu ngaran manusa, manusa mahluk nu sampurna di bandingkeun jeung mahluk lianna dina darajatna. tapi eta oge manusa nu geus bisa ngajalankeun rel kamanusaanna. manusa oge bisa leuwih handap ti sato darajatna. bukti manusa leuwih sampurna darajatna ti batan mahluk lian nyaeta ngabogaan rasa jeung perasaan, dibere akal sarta pikir. lamun conto manusa bisa leuwih handap darajatna ti sato nyaeta, can ngadenge sato maling jeung kabehna, domba ngaranjah kebon sampeu, ngan ukur nepi ka daunna, tapi manusa mun ngaranjah ka kebon sampeu sejeroning daunna nya tangkalna di ruksa di bawa, nepi ka beutina.


Manusa oge bisa di sebut mahluk gaib, mun aya nu teu percaya yen manusa gaib, yu urang guar mana ari manusa teh? saha ari manusa teh? jeung dimana ari manusa, yen manusa teh bisa di di sebut mahluk gaib. kusabab teu apal mana dimana cicingna nu ngaran manusa. naha di sejeroning awak atawa raga(ujud) atawa sabalikna di saluareun awak atawa raga(ujud). numatak aya paribasa jerona laut masih keneh bisa kateuleuman, tapi jerona hate manusa sok sanajan kalingkung ku wawangun katingker ku papageran tulang dada tapi teu bisa kateuleuman. kumaha bisa kateuleuman hate manusa da mnusa na oge teu kapanggih nu mana? di mana cicingna nu ngaran manusa? pantesan aya salah sahiji ayat nu nyebutkeun yen manusa jeung pangeran teh mun urat beuheung jeung beuheunamah masih keneh aya jarak. tapi manusa jeung pangerana eweuh jarak. saking kudeukeut-deukeutna. pantesan aya jalma bijak nyarita mun hayang apal kagustina kudu apal heula kadirina.nu matak ngajimah ulah nuduh kanu jauh ulah nywang kanu anggang, padahal nu caket geura raketan nu deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak.

KAMANUSAAN


Assalamualaikum !
sampurasun dulur !

ngahaturkeun nuhun ka para pembaca utamina ka para panalungtik sejarah, sejarah surade anu bade ku urang diguar iye minangka rasa kareueus salaku urang surade bisa hirup di surade gede di surade paku maha di surade jadi urang surade cinta ka surade jeung hayang ngamajukeun daerah sorangan nyaeta daerah surade, hiji katansgtuan yen saha nu cinta ka bangsa na pasti nyaho ka sejarahna, dupi eta nu ngajadikeun penulis ngabahas sejarah surade , ku sabab kacintaan ka surade sareng hoyong ngabagi kacintaan iyeu utamana ka urang surade sareng umumna mah keur urang sadayana anu mikacinta kana sejarah.

bubuka kalayan nyebat jenengan Allah anu maha welas maha asih tos maparinan hirup jeung kahirupan keur urang sadayana, hirup kumuh di alam dunia iyeu ngagaduhan kawajiban nyatana kangge ibadah, ari ibadah rupi-rupi bentukna rupi-rupi jenisna.

naon atuh ari surade teh, naha bisa ngaranna jadi surade, kumaha sejarahna bisa aya tempat anu ngaranna surade, sateuacan medar sejarah surade perlu kauninga yen sejarah surade teh teu leupas tina sejarah-sejarah karajaan anu aya di nusantara iyeu nu baheulana ngawasa ka daerah-daerah tatar sunda, sejarah surade oge kitu aya pakuat pakait jeung karajaan - karajaan anu ngawasa khsusna tanah sunda wewengkon pulo jawa bagean kulon. 

“Iling-iling alang-alang geremet ngarayah manah nyebar sakujur awak”.tiap tempat di bumi ini tentu mempunyai asal-usul serta cerita historisnya masing-masing. Begitu juga pada tulisan ini penulis akan mencoba menjabarkan, menceritakan, membuka tabir kebenaran tentang asal mula penduduk Jampangkulon, sejarah surade jampangkulon, yang sekarang menjadi sebuah kecamatan di Kabupaten Sukabumi. Penulis berhasil mengumpulkan beberapa tulisan kuno tentang sejarah surade serta tulisan dari berbagai sumber juga hasil diskusi pada tahun 2012 dengan narasumber Asep S. Permana serta putranya Endar S. Permana yang merupakan keturunan asli dari leluhur Jampang Kulon surade. Kebenaran sejarah tidaklah tunggal, kalimat itu yang selalu menjadi motivasi bagi penulis untuk terus mencari informasi tentang heterogennya pernyataan sejarah khususnya sejarah surade, itu semata untuk ilmu pengetahuan serta pembelajaran moral yang baik dari setiap kisah yang ada di dalamnya. Karena, semangat sejarah, membaca sejarah, dan mengetahui sejarah dapat membuat individu bangsa lebih bijak menghadapi perkembangan zaman. Indonesia bangsa yang besar, pada masa lampau. Brak mangka nyampak nu disungsi ti kamari ayeuna mangkana salse urang bukakeun lalangse sejarah katurunan surade. Keturunan Fatimah binti Muhammad SAW.Keturunan Jampangkulon menurut Asep S. Permana adalah dari Fatimah Az Zahra binti Muhammad SAW. yang menikah dengan Ali bin Abi Thalib keponakan Muhammad SAW, anak dari Abu Thalib paman beliau. Ali bin Abi Thalib mempunyai anak-cucu yang berpengaruh pada zamannya sampai turun pada Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Jati) yang mempunyai anak Maulana Hasanuddin dan cucu bernama Maulana Yusuf yang merupakan ayah dari Maulana Muhammad (Sultan Banten) mempunyai buyut Sultan Fatah (Sultan Ageng Tirtayasa) sampai kepada Rd. Mas Surawijangga (Embah Emas). Berikut silsilahnya:
  1. Ali bin Abi Thalib
  2. Husein bin Ali
  3. Ali Zaenal Abidin
  4. Muhammad Al Bakir
  5. Ja’far As Sidiq
  6. Ali Al Araidi
  7. Muhammad An Naqib
  8. Isa An Naqib
  9. Ahmad Al Muhajir
  10. Ubaidillah1
  11. Alwi bin Ubaidillah
  12. Muhammad bin Alwi
  13. Alwi bin Muhammad
  14. Ali Halil
  15. Muhammad Sahib Marbat
  16. Amir Abdulmalik
  17. Abdillah Syahan Syah
  18. Ahmad Syeh Jalal
  19. Maulana Jamaluddin (Husen)
  20. Ali Nurul Alam
  21. Abdullah Umtanuddin (Raja)
  22. Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Jati)
  23. Maulana Hasanuddin
  24. Maulana Yusuf
  25. Maulana Muhammad (Sultan Banten)
  26. Abu Mafahir
  27. Abu Maali Ahmad
  28. Sultan Fatah (Sultan Ageng Tirtayasa)
  29. Rodin Rum (Pangeran Papak)
  30. Rd. Aria Adipati Jagabaya (Dalem Sawidak)
  31. Rd. Mas Surawijangga (Embah Emas)
Patutlah berbangga dengan keturunan penduduk Jampangkulon surade sebab Allah SWT. memberkati nikmat sebagai keturunan Rasulullah SAW. serta anak cucu dari para ulama dan raja.Para Bupati Ciamis Setelah Adipati Jayanagara
  1. Rd. Adipati Arya Panji Jayanagara/ Rd. Yogaswara/ Mas Bongsar (1636-1678). Dimakamkan di Ciwahangan Girang.
  2. Rd. Adipati Arya Anggapraja (1678). Tidak lama menjadi bupati karena tidak mau bekerja sama dengan VOC.  Dimakamkan di Pakuncen.
  3. Rd. Adipati Anggananya (1678-1693). Dimakankan di Ciwahangan Hilir.
  4. Rd. Adipati Sutadinata (1639-1706), dimakamkan di Gunung Ardilaya.
  5. Rd. Adipati Kusumahdinata I (1706-1727). Dimakamkan di Majagandalor.
  6. Rd. Adipati Kusumahdinata II (1727-1732). Dimakamkan di Majaganda Kidul Gegempalan.
  7. Rd. Aria Adipati Jagabaya/ Dalem Sawidak (1732-1751). Dimakamkan di Tanjung Manggu.
  8. Rd. Adipati Kusumahdinata III (1751-1801). Dimakamkan di Gunungsari Imbanagara
  9. Rd. Adipati Natadikusumah (1801-1806).
  10. Adipati Suryapraja (1806-1811). Dimakamkan di Gunung Sari Imbanagara.Pada masa ini Gubernur Jendral Daendels tahun 1811 diganti oleh Jansen dikarenakan Daendels dianggap tak mampu melawan serangan Inggris dibawah kepemimpinan Gubernur Jendral Raffles. Kemudian pada masa kepemimpinan Raffles dilakukan perubahan-perubahan wilayah administrasi di Galuh. Kabupaten Galuh Imbanagara harus melepas wilayah Pasirpanjang, Manonjaya, Cijulang, Padaherang, dan Kawasen supaya disatukan ke dalam wilayah Kabupaten Sukapura termasuk wilayah-wilayah Nusakambangan, Sidareja, Majenang, Dayeuhluhur, Pagadingan. Wilayah timur Citanduy Kabupaten Ciamis disatukan ke Banyumas.
  11. Rd. Tumenggung Jayengpati Kartanagara (1811-1812).12.         Rd. Tumenggung Natanagara, berasal dari Cirebon (1812).
  12. Rd. Pangeran Sutawijaya (1812-1815), berasal dari Cirebon.
  13. Rd. Tumenggung Wiradikusumah (1815-1819). Dimakamkan di Cigadung Imbanagara.Beliau ini yang mengalihkan pusat pemerintahan kabupaten Galuh dari Imbanagara ke Ciamis. Nama Kabupaten Galuh Imbanagara diganti menjadi kabupaten Galuh. Pada saat ini pemerintahan di Jawa sudah dikuasai lagi oleh Belanda dengan (Gubernur Jendral Van der Capellen).
  14. Rd. Adipati Andikusumah (1821-1839). Dimakamkan di Gunung Galuh Imbanagara.Pada masa ini Kabupaten Kawali dan Kabupaten Panjalu masuk wilayah administratif Kabupaten Galuh.
  15. Rd. Adipati Arya Kusumahdiningrat (1839-1886). Dimakamkan di Jambansari Ciamis.
  16. Rd. Adipati Kusumahsubrata (1886-1914). Dimakamkan di Sukasirna Ciamis.
  17. R.T.A. Sastrawinata (1914-1935).Pada saat itu Kabupaten Galuh diganti menjadi Kabupaten Ciamis.
  18. R.T.A. Sunarya (1935-1944) berasal dari Sukapura.Pada tahun 1939 wilayah-wilayah Kewedanaan: Banjar, Pangandaran, dan Cijulang yang awalnya masuk ke wilayah Kabupaten Sukapura disatukan ke wilayah Kabupaten Ciamis.
  19. Rd. Ardi Winangun (1944-1946). Mantan Bupati yang memimpin setelah kemerdekaan Indonesia.Dari Galuh ImbanagaraAlkisah, Rd. Mas Surawijangga (Embah Emas) adalah putra Adipati Jagabaya, terkenal dengan julukan Dalem Sawidak, diangkat menjadi Wedana di Panjalu Imbanagara Ciamis.Rd. Aria Adipati Jagabaya Bupati Galuh, pada masa pemberontakan Pangeran Diponegoro (1825-1830), Galuh dan Panjalu diberi perintah olah Mataram yang saat itu dalam kekuasaan Belanda, agar mempersiapkan pasukan untuk mencegah pasukan Diponegoro di tepi sungai Citanduy.Rd. Mas Surawijangga menentang perintah tersebut kemudian akhirnya bermusyawarah dengan saudara-saudaranya,. Hasil musyawarah, lahirlah sebuah keputusan untuk minggat (bukan kabur karena takut) secara diam-diam.Rombongan yang minggat jumlahnya kurang lebih 40 keluarga, ditambah empat saudaranya, tiga saudara laki-laki, satu saudara perempuan. Berangkat melalui jalur laut di pantai selatan Pulau Jawa, Berlabuh di Cilauteureun, selanjutnya berjalan kaki menyusuri sungai Cikaso ke arah hulu, hingga sampai di sebuah penyebrangan (Sunda Peupeuntasan).Saudaranya yang empat diantaranya 
  • Saudaranya yang perempuan meninggal di perjalanan, dan dimakamkan di Teluk Jati, di tepi sungai Cikaso.
  • Saudara laki-laki yang pertama bernama Rd. Mas Martanagara, menetap di kampung Karadenan, sekarang bernama Cibitung. Setelah meninggal kemudian dimakamkan di Karang Bolong (Hutan Lindung Jati/ Leuweung Tutupan Jati)
  • Saudara kedua laki-laki bernama Rd. Surianatamanggala, alias Eyang Santri Dalem, menetap di Cigangsa  hingga akhir hayatnya. Dijuluki Embah Cigangsa.
  • Saudara ketiga laki-laki bernama Rd. Bratadikusumah alias Embah Bungsu (Nama asli Bratadikusumah ada dalam perbendaharaan sastra Bapak Ikin Ardisoma yang bertempat tinggal di Peuntas, sekarang Purwasedar Jampangkulon), menetap di Hulu Sungai Cicurug Pamerangan (sekarang kampung Purwasedar 2) di sekitar mata air Cicurug.Rd. Mas Surawijangga sendiri berbenah diri dan menetap di Paimbaan (sekarang Panimbaan) dan dimakamkan di pemakaman umum Pasir Pulus Jampangkulon. Nama Cicurug Pamerangan berubah nama oleh tokoh Pangeran Jampang Manggung, salah seorang putra Residen Cianjur yang membagi tanah Jampang menjadi tiga wilayah.
  1. Jampang Tengah dengan Pusat kota berada di Cimerang, yang sekarang bernama Bojonglopang, dipegang oleh Rd. Puradibrata.
  2. Jampang Wetan, awal mula pusat pemerintahan terletak di Sukanagara Cianjur, dipegang oleh Rd. Bratamanggala.
  3. Jampangkulon, awal pusat kota di Kebon Kacang, pindah ke Waluran, terakhir dipindahkan ke Cicurug Pamerangan, sekarang Jampangkulon.Syahdan, ayahanda Bupati Galuh, sangat kecewa mengetahui putranya minggat, Panjalu kosong (Vacum of Power). Lalu  beliau mengutus Senapati Brajanata (saudara misan Rd. Mas Surawijangga), agar menyusul Raden Mas yang ditengarai berada di wilayah Cicurug Pamerangan/ Jampang, lalu Rd. Brajanata memohon agar Rd. Mas  kembali  ke Imbanagara sebagaimana perintah ayahandanya. Namun setibanya di Jampang, Rd. Brajanata merasa betah/ kerasan di Jampang, yang akhirnya beliaupun tidak kembali ke Imbanagara.

versi lain tina sejarah surade nyaeta anu iyeu di handap

Kieu geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA anu linggih na eta sepuh teh dihiji pikampungan anu ayeunamah kalebetkeun wewengkon surade tapi dina mangsa haritamah can jadi surade sabab nami surade nembe aya saprak kajadian iyeu .
Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran. Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna.
Keuna kana babasaan :
Rambut galing muntang
Taar teja mantrangan
Halis ngajeler paeh
Soca cureuleuk seukeut
Pangambung kuwung – kuwungan
Damis kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan teunangan.
'Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.

Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih.
Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa. ( didiyeu panginten surade versi baheula nincak masa kajayaan na sabab di pingpin ku pamingpin anu jujur jeung adil sarta nyaah ka masyarakat surade)

Saur Nyi Mas Suradewi :
“Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.”
Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur.
Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa.
Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan.
Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.

Saur Eyang Cigangsa :
“Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.


Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

sababaraha versi sejarah surade memang seueur tiasa ku urang katitenan, aya nu nyarioskeun yen surade teh asal na ti anu katut turunan anu , aya nu kitu aya nu kiyeu, sejarah memang sejarah ny anaminage sejarah da baheula mah can aya alat tulis atawa kamera jadi kabeneran sejarah surade masih simpang siur, masih di perdebatkeun kunu palinter, tapi keur urang mah salaku urang surade mun ceuk paribasa mah genteng genteng ulah potong, boh kumaha bae oge carita sejarah na surade teh , kumaha wae versina sejarah surade teh najan beda-beda kitu sejarah surade na tp hayu urang pikacinta daerah urang nyaerta daerah surade urang bebenah haja tumaninah urang olah haja ka arah urang mumule urang jaga urang riksa ku urang sadayana salaku urang surade.

mung sakitu atu tiasa di sanggakeun punten upami aya kalelepatan kaluluputan tina ngabahas sejarah surade jampangkulon, mudah - mudahan aya manfaatna keur urang surade khususna atuh umumna mah kangge saha bae anu peryogi kana catatan sejarah surade iyeu, insyallah kapayunna urang ngadamel nyusun sejarah surade versi bahasa nu sanes boh sejarah surade versi bahasa indonesia atanapi sejarah surade versi bahasa inggris atanapi versi bahasa nu sanesna, supados sejarah surade iyeu tiasa ka baca kahartos ku sadayana, sabab surade teh ceuk kolot baheula mah cenah tempat  terakhir kajayaan indonesia, beun dugi kadinya masalah eta mah kin insyallah urang guar dina kintunan salajeng na. 




sejarah surade


Wallahu A’lam Bisshowab.

wassalamualaikum WR WB




SEJARAH SURADE

Monday, November 14, 2016

Sakiduleun kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE. Reana jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng.

Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh.
Kieu geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA.
Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran. Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna.
Keuna kana babasaan :
Rambut galing muntang
Taar teja mantrangan
Halis ngajeler paeh
Soca cureuleuk seukeut
Pangambung kuwung – kuwungan
Damis kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan teunangan.
'Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.

Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih.
Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa.

Saur Nyi Mas Suradewi :
“Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.”
Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur.
Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa.
Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan.
Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.

Saur Eyang Cigangsa :
“Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.

Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

ASAL MULA DAERAH SURADE ( VERSI 1 / VERSI SUNDA)

 
BERITA HARIAN SURADE © 2015 - Designed by Templateism.com | Distributed By Blogger Templates